Song: Rarakitan
Year: 1970
Viewed: 59 - Published at: 8 years ago

Ngadayung, ngagalah, mapay-mapay tambakan

Poé minggu, jeung babaturan
Muru situ, rék rarakitan
Suka gumbira, bari jeung éak-éakan
Ngadayung, ngagalah, mapay-mapay tambakan

Nyieun rakit ku gepok cau
Dibébérés kawas parahu
Maju nyoloyong ka tengah rék babalapan
Ngadayung, ngagalah, mapay-mapay tambakan

Nyieun rakit ku gepok cau
Dibébérés kawas parahu
Make bandéra beureum bodas kabangsaan
Ngadayung, ngagalah, mapay-mapay tambakan

Ngadayung, ngagalah, mapay-mapay tambakan

( Yanti Bersaudara )
www.ChordsAZ.com

TAGS :